STOP SIA-SIA AING-AING


Kagiatan ieu dilaksanakeun minangka silahturahmi sasama anggota Mapar, nyaeta anggota anu masih aktif sareng anggota senior, salian ti eta kagiatan ieu teh sakantenan ngarayakeun sareng syukuran palantikan anggota anu anyar, nyaeta angkatan Canarium Commune (Cc) harita teh.
Stop sia-sia aing-aing dilaksankeun di Situ Gunung Sukabumi, kagiatana teh dua poe, ti tanggal 15 nepi ka tanggal 16 April taun 2006 kamari.
Dina kagiatan ieu seueur anggota Mapar nu hadir, ti angkatan pendiri nepi ka angkatan nu anyar, malahan mah aya anu nyandak kaluarga, jadi tambah seru. Salian anggota Mapar, undangan oge seueurnu hadir diantawisna ti barudak BEM terus hadir oge ti partisipan Mapar.
Aya babaraha point anu dihasilkeun dina acara ieu teh, nyaeta :
1. Palantikan anggota Cc
2. Satiap angkatan gaduh koordinator, utamina mah nu angkatan senior kedah gaduh koordiantor, supaya gampil dihubungi sareng bisa cepet nyebarluaskeun mun aya informasi.
3. Ngadamel usaha, nyaeta nyieun tas.

Rencanana kagiatan samodel ieu bade dilaksanakeun unggal taun. Mudah-mudahan sagala rencana sareng anu dihasilkeun dina kagiatan ieu bisa manfaat tur bisa dilaksanakeun.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

LEMBAGA KONSERVASI

Upacara Pembukaan Diklatsar XXI Mapar

Logo Ekolabel Swadeklarasi Indonesia